Purwakarta nyaeta hiji kabupaten nu aya di Propinsi Jawa Barat , Indonesia. Wewengkon ieu kasohor ku tempat kalahiran pamingpin gede jeung tokoh nasional Indonesia.
Salain eta, loba hal unik nu aya di kabupaten nu deukeut jeung Karawang ieu. Salah sahijina, Purwakarta sorangan boga kasenian tradisional khas. Di handap ieu bakal dijelaskeun naon wae kasenian tradisional nu aya di Purwakarta
1. Calung
Calung, mangrupakeun salah sahiji kasenian rakyat nu tumbuh jeung berkembang nuturkeun lingkungan. Calung teh dijieun tina bambu pilihan nepi ka ngahasilkeun irama jeung nada pentanonis. Alat musik nu digunakeun nyaeta calung, salendra, pelok, diatonis, jeung gamelan salendro. Pamaenna make calana kampret, sarung, baju pangsi jeung iket.
2. Kuntulan
Seni Kuntulan mangrupakeun seni nu bernuansa islami, bentukna wad vaditra qosidah atawa tagon goni dibarengan musik jeung tarian anu bernuansa silat. pamaenna ngabaris siga manuk kuntul, nyanggakeun jurus jurus silat. Jumlah pamaenna aya 12 jalma, make pangsi, jubah bodas jeung peci kerepus. Alat kasenian nu digunakeun nyaeta genjring jeung bedug gede.
3. Buncis
Seni Buncis mangrupakeun seni anu atraktif jeung variatif, kusabab aya unsur seni tabuh, dog-dog, angklung, tarian bodor jeung carita tradisional. Pamaen lalaki make calana pangsi, baju kampret jeung iket. Sedengkeun pamaen awewena make kaen sinjang, baju kabaya, jeung buukna di sanggul. Alat kasenian nu digunakeun hampir sarua jeung kasenian angklung atawa karawitan. Iwal dog-dog jeung 3 angklung nu di padukeun jeung gamelan.
4. Genyè
Kasenian Genyè mangrupakeun kreasi seni anyar nu diciptakeun ku seniman-seniman Purwakarta. Genyè nyaeta kreasi seni anyar nu di cokot tina singkatan "Gerak Nyère". Genyè dijieun tina macem-macem banda jeung alat siga ayakan, sapu nyère, anyaman pandan jeung sajabana. Banda-banda eta teh dijieun nyarupakeun jalma.
Loba pisan kasenian-kasenian daerah nu kudu di lestarikeun teh, ieu kasenian ulah nepi ka di pohokeun komo teu di kenal acan ku masarakat. Urang salaku masarakat sunda kudu bisa ngaraksa sangka budaya urang teu punah, sabab budaya eta nu ngajadikeun Indonesia teh nagara anu beragam.
Diserat ku Fathiya Salsabila/12 MIA 3/MAN PURWAKARTA
